Carita Parahiyangan

Carita Parahiyangan (aksara Sunda: ᮎᮛᮤᮒᮕᮛᮠᮡᮀᮍᮔ᮪) mangrupa ngaran hiji naskah Sunda nu dijieun kira ahir abad ka-16, nu nyaritakeun sajarah tatar Sunda, utamana ngeunaan kakawasaan karajaan Galuh jeung Sunda. Dingaranan ktiu dumasar kana bubuka eusina nu nyebutkeun "ndéh nihan carita parahiyangan". Dumasar kana carita nu mungkasna, ieu naskah dijieun dina ahir abad ka-16 atawa awal abad ka-17, nalika kakuatan pulitik Islam saeutik-saeutik geus nyilihan kakawasaan Sunda di Pakuan Pajajaran.


© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search